Nyangakeun ieu tatarucingan, etang-etang hiburan panglipur lara sok emut jaman baheula urang keur leutik sok tatarucingan jeung kolot sok wararaas ieu tatarucingan teh kaihlaman ku janten raka nu nuju didamel di amerika anjeunan dina facebook ngayakeun grup tatarucingan ari sugan teh lain raka eh pek teh gening kang asep saurna sono kana basa sunda nya sim kuring ngayakeun tatarucingan ieu teh supados majangkeun babarayaan jeung urang sunda hususna sanes urang sunda ge mangga bebas nebak sawios lepat ge ku abdi dilereskeun anu leres ke dipasihan hadiah, hadiahna du’a weh nya mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya aherat…surga..amminn
- 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
- 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
- 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
- 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
- 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
- 6. Bangku naon anu bisa didahar?
- 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?
- 8. Batu naon anu teu aya di cai?
- 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
- 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
- 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet?
- 12. Hayam naon anu sukuna hiji?
- 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
- 14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
- 15. Baso dibalikkeun jadi naon?
- 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?
- 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
- 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
- 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
- 20. Naon sababna ban mobil tina karet?
- 21. Sapi naon anu bau?
- 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
- 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
- 24. Pribumi di luar ari semah di jero ?
- 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang?
- 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun?
- 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
- 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
- 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
- 30. Jam naon anu bisa nembang?
sok ayeuna tong isin-isin waler weh tatarucingan nu du luhur ieu,..bebas ,,,tong sarius teuing ngemutan S.E.O sok lieur duka iraha atuh ah..hoyong ka lacak mbah google teh…duka ieu wp simkuring di banned moal nya? seueur share software bae ah lieur..ayeuna waler weh tatarucingan simkuring..wilujeung prung ahh..walerna bebas nomber sabaraha wae asal cantumkeun nomberna meh pugguh..
Advertisements
Sampurasun…wilujeung teupang…lamun ngawaleur kenging hadiah teu?
1. Toge
2. hayam goreng tepung
3. duit
4. kusabab tunduh we
5. gajah kapentok tembok
6. bangkuang
7. rujak
8. batu ginjal
9. oray paeh
10. aki2 pake kacamata, pke iteuk
11. cau
12. hayam jengke
13. kareta api
14. gede bohongna
15. bahe
16. paku payung
17. peureum
18. taluk
19. manuk katincak
20. lamun tina busa mah lain mobil
21. sapiteng
22. piringatan 17 agustus
23. sarimie mah lamun di keueum ngembang, lamun nini2 mah dikeueum keriput
24. hotel
25. taluk
26. tetes mata
27. hujan caina
28. taina
29. buah dada…wkwkwkwk
30. jamal mirdad
😀
😆 jhaaha hadiahna do’a nya salamet dunia akhirat amiin.kang urang pariosnya..aya nu kirang tepat nyaeta nomer…2,3,4,8,9,18 (taluk),20,23,24,25(taluk)26,27,28 hoohoo sok bilih aya nu bade ngawaler..ieu mah urang hiburan whhh…meh teu tunduhh,,,,nuhun kang tos diwaler dongkap deuinya..
ngringan ah .. tambi kesel,, sareng
1. toge
2. hayam keur pawey
3. korong
4. sabab ban na buleud
5. sato nu nukangan tembok
6. bangkuang
7. rujak
8. batu garing
9. orang ngaleleg linggis
10. aki-aki make iteuk jeung kaca mata
11. cau
12. hayam ker jengke
13. kareta api
14. bohong na
15. bahe
16. sireum make helem
17. perem
18. piring bolong
19. manuk katincak
20. mun tina coklat pasti di gembrong sireum…
21. sapiteng
22. piringatan 17 agustus
23. sarimi renya, nini remyoh
24. tukang beca jeung penunmpangna
25. tai kotk tina aspal
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. jamrud
Atos ah cekap mung sakitu,,,,,
Sampurasun dulur,.
ari teu ngajawab asa ateul ieu teh kang agus ahh..cik ngiringan ngacung ahh..
1. (Toge)
2. (Hayam keur pawey)
3. (Korong)
4. (Sabab banna buleud)
5. (Sato nu nukangan tembok)
6. (Bangkuang)
7.(Rujak)
8. (Batu garing)
9. (Oray nu ngalegleg linggis)
10. (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. (Cau)
12. (Hayam nu keur jengke)
13. (Kareta api)
14. (Gede bohongna)
15. (Bahe)
16. (Sireum make helm)
17. (Peureum)
18. (Piring bolong)
19. (Manuk anu katincak)
20. (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. (Sapiteng)
22.(Piringatan 17 Agustus)… logat batak nyaaa…wkwkwk
23. (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. (Kacamata)
27. (Hujan-heujeun)
28. (Kalangkangna)
29. ( Buahenol ),. hahahah….
30. ( Jamal mirdad/ Jamrud )
sok tah di cek kang., mun salah keneh abdi bade pundung ka gunung halu… 😀
hatur nuhun kang astrajingga leres pisan waleran sadayana janten teu kedah pundung ka gunung halu ya hehhe
ari kode na naon nya
Kode naon lur
Ceuk raraosan mah sigana bener kabeh tah jawaban teh. Sok milarian deui nu sanesna, urang teguh ku didieu. Dititah dahar ngadon naek, saha? Tukang gali sumur.
Anjangan atuh abdi di http://dadangsadkar.wordpress.com nya?
tukang sumur kang!
Mun di cangcang kunu bogana lulumpatan mun di lepaskeun cicing .? Naon kang jwbn na?
Sapatu ..haha
siap kang>>ke nya…ke urang piklarian nu hese..keur akang mah da jagoan..euy heheh
mana atuh? diantos-antos….
Gajah naon nu sukuna dua ? (Gajahmada,lah…)
Hayam naon nu sukuna dua? (Hayam biasa, nya?)
ngiring bingah akh..cing urang cobian..wios akh lepat ge
2.Hayam nu tos paeh/bangke
3.serah/batu dina beas
4.ku sabab ban na tina karet
8.batu jam
9.kedul weh eta mh meureun,atawa oray nu ngadahar linggis
18.piring kalender
20.sabab lamun tina busa mah bantal
23.
24.WC umum
25.cai
26.kacamata
27.hujan salju
28.matana,kukuna
sato naon nu bisa ngomong????
satosi utomo..
1.teterang
2.hayam goreng Rp.1500 hayam bakar Rp.3000, engkin kuring meser d akang welah!!
3.korong etamah
4.ah tara nundutan kuring mah sok mabok
5.sirem
6.bangkuan eta atuh
7.petis
8.batu batre
9.oray-arayan
10.aki2 make tongkat make kaca panon
11.ah moal ngajawab soalna nu apal monyet!!
12.hayam disebut2 wae angun resep
13-res= atos helanya tunduh
cape ah seur teuing tatarucinganna pr keun wehnya,,,,,,wkwkwk peace akh…
aeh aeh gening aya neng heny..nuhun ah tos sumping ka blog akang,,,naha teu wantun ngawaler nya hahaha,,
tos pinter teuing abdimah kang…………corect,,,my name hany not heny…trims..take care ya..
oh ya lepat akang nuhun kana kasumipingana neng HANY…heheh…oke thnks
Minyak naon anu rame?
minyaksikan pertandingan sepak bola
Lamun dahar hirup tapi lamun nginum paeh?
Seneu nyak leres teu kasep
no. 25. tai kotok dina beusi .. hehe
bade nyobian ah
9. oray nuang gantar
27. hujan heujeun
28. nu hideng kalangkangna
29. buah henol.. leres teu kang,
tah ayeuna ti sim kuring sok geura jawab
Kacang naon nu pageuh …??
buta naon nu sok di gembrong ku laleur??
Hebat teh gita jawaban leres sadayana akang bade ngajwab tatrungan ti gita
Kacang naon nu pageuh …?? kacang nu nyelap dina batu
buta naon nu sok di gembrong ku laleur?? butai hehhe
ngiringan ngawaler tatarucingan na
Kacang naon nu pageuh …?? kacangreud tali
Ciing ari nu ee sok bari naon?
hedi : bari ngaheujeun atuh,,
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,
sakali nyebut! (Rujak)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
30. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
32. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
38. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
39. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
44. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
50. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
55. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
56. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
60. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
62. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
63. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
64. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
69. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
71. Naha superman bajuna make hurup “S”? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
72. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
73. buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu)
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
77. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
78. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
81. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
84. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
86. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
87. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
89. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
90. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
92. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
94. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
95. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
98. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
99. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
100. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
101. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
102. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
104. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
106. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
111. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
116. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
Husni Mubarak : hatur nuhun tos ngawaler sadayan tatarucingan akang..hebat lah si batu abc weh cigana si mencrang
gmn sich caranya biar pacar aq g cuek?
putusin aja om
Hatur nuhun kang abdi kabantos pisan kanggo di dugikeun ka murid-murid di sakola, mugia Alloh ngabales kana sagala kasaeannana sareng mugia sing teras majeng.
* 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ? TOGE
* 2. Hayam naon anu sukuna sarebu? HAYAM KR PAWAY
* 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? KORONG
* 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? SABAB BANA BULEUD
* 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? SATO ANU NUKANGAN TEMBOK
* 6. Bangku naon anu bisa didahar? BANGKUANG
* 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut? RUJAK
* 8. Batu naon anu teu aya di cai? BATU GARING
* 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? ORAY NEUREUY LINGGIS
* 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? AKI” PAKE KACA MATA PAKE ITEUK
* 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet? DA SAYAMAH LAIN MONYET
* 12. Hayam naon anu sukuna hiji? HAYAM NU KEUR MEUNTAS JALAN RAYA
* 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik? KARETA
* 14. Gajah tumpak beca, gede naonna? BOHONGNA
* 15. Baso dibalikkeun jadi naon? TUMPLEK/BAHE
* 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.? SIEUR PAKE HELEM
* 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? PEUREUM
* 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? BOLONG
* 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? MANUK KATINCAK
* 20. Naon sababna ban mobil tina karet? MUN TINA COKLATMAH BEAK KU SAYA
* 21. Sapi naon anu bau? SAPITENG
* 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? PIRINGATAN 17 AGUSTUS
* 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? TEUING AH LIEUR
* 24. Pribumi di luar ari semah di jero ? TUKANG BECA
* 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang? TAI KOTOK DINA TIHANG LISTRIK
* 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun? KACA PANON
* 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? HUJAN HEUJEUN
* 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? KALANGKANGNA
* 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? BUAHENOL
* 30. Jam naon anu bisa nembang? JAMBRUD
bulu naun anu te katingali???: bulurah ker di imah..tuluy mandi.tuluy nyumpit wkwkwkwkwkwkwkwkwk
cko : hehhe …wkkk bisa an bener pisan tah ,,,
Ha.. ha.. ha..ha..ha..nyeri kulit beuteung… huntu garing…peureus bujur da..t di..t du..t ha..ha..ha…..
waduh kang arif meni ngabarakatak kitu,,,sok lah ramekeun atuh gaduh tatarucingan teu sok…prung ah
asslamualikum,,,sampurasun,,,,
ka akang-akang sareung teteh cing yeuh abdi gaduh tatarucingan ,mangga di waleur…
*kunaun mun lampu merah mobil atwa motor areureun?
sabab di rem.., leres kan..?
ah ngring seuri na wae, da meni kuat nyeri kieu kulit beuteung. . .
1 nini numpak kapal kaciri naonna ?
2 nya kaciri wadul na
assalam…
punteun ngiring nimbrung.
yeuh aya tarucingan
dibaledog ku batu ngabeulentrang,di cagap hipu,
naon tah ?
ti kotok dina tihng listrik nya…. kkkkkkkkk….
itu
lah si akangmah mending jd pelawak,j c sule,ngabodor we,ampe brat bret brot hitut bakating ku lucu..sae kang,ibadah eta oge.
ngringan ah…
kaleNg naOn nu mtak paur..,?
kalengkahan maung…
Simply desire to say your article is as astounding. The clearness to your submit is simply excellent and that i could suppose you’re an expert on this subject. Well with your permission allow me to grab your feed to keep up to date with approaching post. Thank you a million and please continue the enjoyable work.
* 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? DI TUKANGNA AYA TEMBOK
* 6. Bangku naon anu bisa didahar?
BANGKUANG
* 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?RUJAK
* 8. Batu naon anu teu aya di cai?BATU GARING
* 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?ORAY NEUREUY GANTAR
* 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?AKI-AKI MAKE ITEK NUNGTUN DOMBA
* 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet? CAU
* 12. Hayam naon anu sukuna hiji? HAYAM JENGKE
* 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik? KARETA API
* 14. Gajah tumpak beca, gede naonna? BOHONG NA
* 15. Baso dibalikkeun jadi naon? BAHE
* 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?AMUBA MAKE HELM
* 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? PEUREUM
* 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? PIRING BOLONG
* 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? MANUK KATINCAK
* 20. Naon sababna ban mobil tina karet? MUN TINA COKLAT BEAK
* 21. Sapi naon anu bau? SAPI TENG
* 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? PIRINGATAN 17 AGUSTUS
* 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
* 24. Pribumi di luar ari semah di jero ? TUKANG BECA
* 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang? TAI KOTOK DONA TIHANG LISTRIK
* 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun? KACA MATA
* 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? HUJAN HEUJEN
* 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? KALANGKANG
* 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? BUAHENOL
* 30. Jam naon anu bisa nembang : JAMRUD
hahahhahah bingun gak bisa ngasi jawaban haha
1. Toge
2. Hayam goreng nu ditipungan
3. Korong
4. Mun tumpak maung moal nundutan
5. Keuyeup
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu batre
9. Oray nuang gantar
10. Aki nini make kacapanon mamawa iteuk
11. Taluk teu apal soalna abdi sanes monyet
12. Hayam jengke
13. Kareta api
14. Gede wadulna
15. Bahe buyatak
16. Permen kojek (lolipop), jarum pentul, Pentul Korek Api
17. Peureum
18. Piring copong
19. Manuk katincak
20. Mun tina coklat leeh tur seep dilamotan
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 agustus
23. Sarimie dikeueum beuki beukah, nini dikeueum beuki kisut
24. Hotel
25. Cai
26. Kacapanon
27. Hujan heujeun
28. Tikotok
29. Buahdada nu buahenolll
30. Jamal Mirdad jeung Jamrud
Aya patarosan yeuhhh…..
Gajah gede naonna?hha tos arapalnya…
punten ngiring ngarewong,,,,sa alit
indung jeng bapana….hahay
kandang na nu langkung ageung asrama gajah
ie jawaban tatarucingan sunda na mank
1. Toge
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Manuk anu katincak
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi
Assalamualaikum,
Wilujeng tepang kang.
nuhun
Asslamualaikum…
Wilujeng tepang sadulur dulur…
damang kang agus??!!!
damang ucas nuhun tos sumping ka blog akang
hideung amis gede buluan?
ku naon tukang baso sok nakolan mangkok?
naon sababna tangkal nu gede sok di tuar?
dahareun naon nu di gegel malik ngegel ?
naon bedana fropesor jeung indomie ?
poe naon anu cagak ?
nu nempokeun eweuh huluan nu ngudag eweuh sukuan nu di udag eweuh beheungan ?
nini2 raragrag di luhur monas munculna di mana ?
motor naon nu teu bisa di cet ?
mun kabeh jalma jadi patani,patani jadi naon?
sangu sa keupeul di tutupan ku topi jadi naon?
naon sababna kuda sok ngelay wae ?
sato naon nu geuring wae sa umur hirup?
naon sababna superman na bajuna make hurup S ?
hayam naon nu sok liar ti peuting ?
aya tahu bodas jeung tahu koneng aya nu leuwih koneng ti tahu eta tahu naon?
na anggota tubuh aya ngaran nu di bulak balik sarua ngaranna, naon?
naon sababna jalma maot di bungkus ku boeh?
ucing ucingan,ucing naon?
mun onde2 di gorolongkeun jadi naon?
mobil ti bandung rek ka jakarta supirna hitut nyampe moal tah ka jakarta?
sok tah anu bade ngawaler..nuhun kang tito
4.sabab bana buleud
6.Bangkuang
7.alpuket
10.aki-aki make iteuk di kaca panon
13.kareta
14.gede bohongna
17.peureum
19.manuk katijeuk
24.tukang becak
25.tai hayam tina katel
29.buah dada
23. Sarimie mah kari ayam
Nini nini mah kariput
Wasalam
abdi tiasana ngawaleur tatarucingan nomor geuneup, bangkuang atuh ari bangku nu tiasa di tuang mah Pak Agus, Alhamdulillah abdi leureus kan ngawaleurna pak agus, hatur nuhun hadiah nya Pak Agus.
isinya mana
1. Toge
2. Hayam keur paway
3. Korong
4. Pedah tunduh
5. Satu nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu batre
9. Oray tas ngadahar linggis
10. Aki2 make kacamata & iteuk
11. Kuring mah teu apal da lain monyet
12. Hayam jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Hiled make helm
17. Perem
18. Piring bolong
19. Manuk ka tincak
20. Mun tina coklat mah beak ku sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 agustus
23. Taluk
24. Tukang beca
25. Tai kotok dina dreum
26. Make kacamata
27. Hujan heujeun
28. Kalangkangna
29. Buah dada
30. Jambrud
t ngarti
mn jwbn nana?
hideung amis gede buluan? kingkong di banjur ku cai gula
ku naon tukang baso sok nakolan mangkok ? Kusendok
lares teu kang….
gening seaman kang agus teh, masih ngalayar keneh kang? tipayun abdi kantos di HAL oge mung tos liren taun 2005.
ya leres kang naha liren kang?
No 1 tukang ojeg sanes
rieut ahhghh…
1toge*2hym pawey*3korong*4ban na buleud*5satonu kangan tmbok*6bangkuwang*7rujak/peutis*8batu garing*9oray ngadahr lnggis*10aki mke itek jng kcamta*11cau*12hym jngke*13kareta*14gde bhng na*15bahe*16paku payung*17peureum*18piring kohok*19manuk k tincak*201919
25.tikotok dina katel
1.toge
2taluk
3.korong
4.taluk
5.taluk
6.bangkuang
7.taluk
8.taluk
9.oray ngadahar linggis
10.aki nini make kaca mata mawa itek
11.cau
12.hayam ker jengke
13.taluk
14.gede huluna
15.bahe
16.jarum pentul.
17.nyangigir
18.piring terbang
19.manuk nunutan
20.taluk
21.sapiteng
22.piringatan taun baru
23.taluk
24.taluk
25.ti kotok dina katel
26.taluk
27.taluk
28.taina
29.buah dada
30.jamal mirdad
nini2 bongkok sarena mah sami peureum
Toge
1 :toge
2 :hayam keur pawey
3 :korong
4 :sabab ban na buleud
5 :sato nukangan tembok
6 :bangkuang
7 :rujak
8 :batu garing
9 :oray ngaleugleug linggis
10 :aki aki make iteuk jeung kaca mata
11 :cau
12 :hayam keur jengke
13 :kereta api
14 :kaciri bohongna
15 :bahe
16 :sireum make helem
17 :pereum
18 :piring bolong
19 :manuk katincak
20 :sabab lamun dina coklat beak ku sireum
21 :sapiteng
22 :piringatan 17 agustus
23 :ari sarimi mah kari ayam ari nini nini mah kari tulang
24 :tukang beca
25 :tai kotok napel dina tihang listrik
26 :kacamata
27 :hujan heujeun
28 :kalangkangna
29 :buahenol/buah dada
30 :jamrud
Wilujeung sumping bade ngajawab eta tatarucingan
1.toge
2.hayam ker pawei
3.korong
4.sabab banna buled
5.sireum ka pentok tembok
6.bangkuang
7.rujak
8.batu garing
9.oray ngahakan linggis
10.aki aki mawa iteuk terus make kacamata
11.cau
12.hayam jengke
13.kereta api
14.gede bohongna
15.bahe
16.sireum make helm
17.pereum
18.piring bolong
19.manuk katincak
20.mun ku coklat pasti di gembrong sireum
21.sapiteng
22.piringatan 17 agustusan
23.sariemie renyah ,nini nini renyoh
24.beca jeng panumpangna
25.tau kotok nempel dina tihang
26.kacamata
27.hujan-hejeunna
28.kalangkangna
29.buahenol
30.jamrud
Naon bahasa cinana teu apal jalan?
Naon nyak ??? Tatanya leres teu ?